Jaman
keur budak, sok ulin teteleponan. Lain meuli, da duitna ge teu boga, tapi
nyieun ku sorangan. Make dus urut wadah kok (shuttle cock), dipotong dua, terus
disambungkeun make benang. Ulinna kudu duaan, benang nu panjangna kira-kira
lima meteran dipanteng, masing masing nyekel ‘gagang telepon’. Ngomong jeung
ngadengekeun kudu piligenti, sakali sewang. Kitu teorina, sabab ari praktekna
mah najan teu make ‘telepon’ oge da kadenge ieuh atuh nu ngomong teh, bubuhan
teu jauh, jaba ngomongna gogorowokan. Tapi dunya budak mah pan beda,
imajinatif. Resep we nu aya. Aranteng tah ku kitu oge.
Ari
jaman kiwari mah beda deui. Alo-alo kuring ge sarua boga teteleponan. Ngan
ayeuna mah teu kudu nyieun sorangan. Cocooan nu bentukna persis telepon nyaan.
Hargana duka teuing sabaraha, da dipangmeulikeun ku indung bapana
masing-masing. Malah ayeuna mah katambahan ku telepon keupeul alias telepon
genggam alias mobile phone alias hand phone. Hape cenah. Kitu populerna di
urang. Ieu oge sarua aya imitasina dina bentuk cocooan budak. Mani geus
dengdek-dengdek we eta mah alo, budak nu keur meumeujeuhna tuturut munding,
nyeta-nyeta ari kolot keur nelepon. Sarua kabungahna mah, kabungah budak, ngan
prosesna wungkul nu beda jeung budak baheula.
Basa
telepon keupeul mimiti asup ka Indonesia, teu rea nu boga, ma’lum hargana mahal
kabina-bina. Harita mah bentukna oge teu jiga ayeuna, gede, gagarubang jeung
beurat, nepi ka jigana mah bisa dipake maledog anjing. Nu bogana oge teu
sambarangan: jelema baleunghar, pengusaha, artis, pokona mah nu laloba duit. Nu
samporet duit mah cukup ku pager atawa penyeranta (duka naon tah basa Sundana).
Bisa narima pesen, tapi teu bisa ngirim. Lamun rek ngahubungi, nya angger kudu
ngagunakeun telepon, boh telepon imah, telepon umum atawa wartel.
Harita
mah telepon umum koin jeung telepon umum kartu masih jadi primadona. Inget
keneh, di gerbang Unpad Dipati Ukur, luhureun pos Satpam, aya booth telepon
koin jeung kartu ngajajar kurang leuwih sapuluh siki. Da pinuh pinuh wae eta
teh, teu beurang teu peuting. Nu makena rupa-rupa, ti mimiti mojang geulis nu
sareungit, nepi ka barudak sastra nu jalabrig, jeung semu kuleuheu. Di dinya
sering jadi tempat cuci mata, ma’lum loba nu harerang. Rada tiiseun teh biasana
ti jam sapuluh peuting ka luhur, geus usum sare. Isukna mah rame deui we
saperti biasa.
Kadang-kadang
sok aya telepon koin nu geus pinuh, nepi ka teu bisa dipake. Kungsi sakali
mangsa nelepon teu nyambung-nyambung, jigana duit kencringna geus metet. Rek
pindah ka nu sejen keur pinuh, kabeh diparake. Keuheul tah, booth telepon
digubrugkeun bari jeung rada ambek. Na ari burudul teh duit receh, aya kana
tilu rebueunana jigana. Ah dirawu weh, lumayan jang nelepon deui.
Sanggeus
muncul hape generasi awal nu sagede bata tea, teknologi telepon keupeul terus
dikembangkeun. Disainna beuki alus jeung bentukna beuki meotan, teu sagede bata
teuing, malah nepi ka bener bener bisa kakeupeul ayeuna mah. Hargana oge beuki
murah, sabab diproduksi sacara massal, nepi ka hargana bisa ditekan. Najan
kitu, angger we aya ari kelas-kelas mah. Murah soteh anu memang fasilitasna
terbatas, cukup nyumponan sarat bisa dipake nelepon jeung ngirim SMS. Ari kelas
high-end (jang konsumsi kelas atas) mah, angger we teu kabeuli ku jelema leutik
model kuring. Fasilitasna canggih, desain mewah, fiturna pabalatak, tangtu we
mangaruhan kana harga.
Taun
duarebuan telepon keupeul mahabu di mana-mana, ka suklakna ka siklukna. Teu di
cacah teu di menak, kabeh pada-pada boga. Telepon umum koin loba nu nganggur,
euweuh nu make. Kondisi saperti kieu teh lian ti mayukeun pabrik hape, oge muka
lapangan usaha keur balarea. Di ditu di dieu dug deg nu muka counter hape.
Pasar hape second hand (urut) jadi rame. Nu ngajualan voucher pulsa pabalatak
nepi ka kampung-kampung. Nu nelepon ayeuna mah bisa ti mana wae, teu kudu ti
imah, wartel atawa telepon umum wungkul. Asal aya sinyal, jadi. Nu baheula ngan
ukur bisa nenjo gambarna dina film atawa sinetron, ayeuna mah geus jadi
‘pemandangan’ sapopoe.
Naha
ieu teh aya pangaruhna kana gaya hirup (life style) masarakat? Jelas, gede
pisan malah. Gaya hirup pragmatis nu sarwa instan bisa kacumponan ku ayana alat
komunikasi samodel hape. Geura we, mun baheula nyanghareupan lebaran teh geus
siap-siap meuli kartu lebaran, ayeuna mah cukup ku ngirim SMS (short message
service) dina waktuna. Teu kudu disiapkeun ti anggalna. Aya nu ulang taun,
nyakitu keneh. Rek pesen barang, balanja, pesen tiket, malah pesen pulsa oge cukup
ku nelepon atawa SMS. Barudak rumaja anu bobogohan, geus teu usum susuratan.
Cukup ku es-em-es-an. Ringkes, praktis, murah, tur teu kudu make panglayar.
Ngan
di sagedengeun eta, tangtu aya oge ekses negatifna. Remen kabejakeun rumah
tangga anu pakucrut alatan SMS ti Mahmud (mamah muda) kabaca ku Mahlot (mamah
kolot). Aya oge panipuan via SMS. Biasana ngeneng-ngeneng hadiah puluhan juta
atawa mobil, atas nama perusahaan nu geus kawentar, bari jeung tungtungna teh
sok kudu transfer heula duit keur ‘biaya administrasi’. Aya deui nu disebut SMS
berantai. Ieu mah biasana kudu nyebarkeun deui SMS (forward) ka welasan nomer,
sarta mun ieu diestokeun, cenah bakal manggih ‘kejutan yang menyenangkan’. Di
internet mah nu kieu teh disebutna hoax, kurang leuwih sarua jeung spam
(imel/serelek runtah). Rupa-rupa kajahatan, nepi ka kasus sogok jeung suap oge
loba nu kajadianana ngagunakeun fasilitas handphone.
Ceuk
para sepuh, sagala rupa oge pasti aya sisi hade jeung sisi gorengna (lain
gorengan), lir ibarat peso. Pan peso ge ari dipake bener mah kacida mangpaatna.
Ibu-ibu keukeureut sayuran di dapur jadi gampang. Meuncit hayam, pasti make
peso, mangpaat tah kana perbaikan gizi. Sabalikna peso oge bisa dipake
kajahatan. Jambret, tukang todong, rampog, bisa make peso pikeun alat bantu
nyingsieunan korbanna. Memang sagala rupa oge gumantung kana niat nu makena.
Kumaha ari telepon keupeul? Sarua we. Dipake tujuan hade nya hade, dipake
goreng nya goreng. Omat hape teh ulah dipake ngalakukeun kajahatan, nipu batur,
salingkuh, komo dipake ngeureutan sayur mah, da lain kitu fungsina. Jadi,
sakali deui, sagala ge gumantung kana niat nu makena.